Tujuhwelas Bulan Syawal..

Daftar Isi artikel ini [Tampil]

Assallamualaikum Wr. Wb.

Wilujeung enjing sadayana, enjing ieu dina danget ayena simkuring kainspirasian kangge nulis ieu artikel, sateuacana nuhun kanggo may bespren kanu penjelasan na dinten kamari insyaalloh ku abi katampi alesan sareng pendapatna abi ngartos, ceuk kitu ceuk kieu na abi coba ngertikeun.
Saleresna mah dinten kamari simkuring aya dina kaayaan bungah pisan bade teu bungah kumaha coba dihaturan lingih kabumi pun bespren, mingon enjing gegas ibak dandan cing ka
sep semprot minyak sengit diditu didieu nglaksanakeun salah sawios tugas hela dikantor, saatos eta simkuring langsung caw kaciwidey kubakat sieun telat ka undangan si bespren Top pati jiwa raga dijalan meni silih seok jeung kandaraan lian mah eleh simkuring lir ibarat pembalap anu bade finish tea :D

Kirang langkung tabuh satengah duawelas simkuring dugi di bumi mantena, lumayan dijailan hela ku si bespren piwarang ngantosan :D , tapi tenang eta teu ngelehkeun tekad kabungah dina manah simkuring. "dieu lebet adan mangga hayu kabumi ntong diluar cangkel" kadangu sora anu nyauran ti lebet bumi nyaeta suwanten pun ibu si bespren, duuh teu enak hate kieu ceuk hate abi.. "muhun mangga bu" blos lebet ka bumi gentos status tina nyampeur jadi nyemah,

Gek calik dina korsi sopa anu empuk Lebet ka bumi dipiwarang calik ku ibu si bespren, kirang langkung 10 menitan si bespren ngelok ti rohangan lebah Katuhu "adan punten lami" sapaan khas si bespren, bijil oge ningan si bespren. Jujur hate abi kamari asa enak atos tiasa ngubaran rasa kasono kamantena, si bespren nyamperkeun calik dina sopa diruangan tamu. Ngobrol ngaler ngidul nyampe ka masalah poko utami anu diantos tatadi, anjeuna nyarios meni jero dumasar tina hate na panginten, tina cariosan eta simkuring nangkep naon anu dipimaksud naon anu dipikahoyong ku mantena.

Emh gening kitu hoyong na, dedeuh ceuk simkuring dina hate, abi lepat naon deui abi masih kirang ternyata, disisi lain simkuring ngertos pisan kahoyong anjeuna sae kanggo abdi sareng anjeuna, muji ku kitunamah simkuring ka anjeuna, dina umur sakitu atos gaduh pipikiran anu dewasa mateng teu sapertos anu lian. Insyaaloh panginten tina artikel ieu nu ku abdi pribadi dicatet abi nganuhunkeun pisan kamari atos disambut sae dibumi atos ngajelaskeun ka abi. Mangga ku abdi dituturkeun kahoyongna, dipihormat kaputusana. Memang pasti kedah aya waktos nu nangtoskeun abi panginten ayena mah terang kahoyong na insyaaloh tiasa narimakeun sadayana :')

Prung uih abdi kabumi abi aya dina hate beurat acan reugreug, prung ngampar sajadah kuring tafakur ka diri pribados nyarioskeun masalah anu bieu dilakonan ka diri sorangan kumaha saena, emut papatah bijak sunda utek tongo walangtaga roh pati gegedongan, sadayana mahluk tunggal sanes hinaeun, ngalainkeun pujieun hungkul, numatak dumasar kana masalah simkuring tadi pami simkuring mikangewa anjeuna jang naon eweuh untungna, nu aya megatkeun silaturahmi antara papada manusa.

Tong rudet kasep da Jodo pati bagja cilaka mah tos aya nu nangtayungan kareget aya nu nyarios dina manah ka simkuring, emmh dedeuh hapunten abi gusti meni tos maksakeun kahoyong ngamimitikeun ego, nepika teu ningali ieu seer salahdina awaking sorangan. Ayeuna mah simkuring bade ngalereskeun hela pribadi kanggo mantapkeun diri ieu jang bidadari nu insyaaloh bakal di pareungkeun jeung abdi dina akhir ngke, moal nuduh kanu jaung moal nyawang kanu anggang geningan diri sorangan oge masih loba kakotor, nu aya ge nu caket ka urang bakal direkeutan , nu deukeut dideheusan, da gening moal jauh tina wujud teu anggang dina awak aya naon aya saha didiri ieu teh "man arofa nafsahu faqodir robahu" hapunten abi gusti! atos kabobodo tenjo kasamaran tingal ku mahluk ciptaan gusti numatak ngakibatkeun poho kanu nyiptakeun anjeuna.

Masih keneh pikiraneun anu lewih penting tibatan masalah ieu, masih loba nu kudu kusimkuring dirintis kanggo bakal jaga pibekeulan rumah tangga, daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun jeung sajabana masih loba hal anu penting diluar tina masalah ieu.

Insyaaloh kapayuna abi tiasa adaptasi mung pasti seseud di mimiti mah, tapi saban-saban robah mangsa ilang bulan kurunyung taun, mineung kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, kareup teu rereuh, dagening nu karasa mah iwal ti kadar anu kawasa maha bijaksana tina sagala kaputusan, manusa kadar rancana, qobulmah tinu maha agung, laksana tinu maha kawasa.

Atos tabuh satengah sapuluh siang gening teu karaos kutak ketik teh, jigah na dicekapkeun hela nyampe dieu insyaaloh kapayuna bade nyerat deui kanggo manjangkeun silaturahim, sanes teu hoyong lami da gening beuki lami beuki ngacabrul wae, jeung ieu pidameleun ngantosan kudu dikejakeun haha :D, mangga kasadayana saparakanca wening galih nu uninga, hapunten samudaya kalepatan kabodoan kalaipan ti simkuring datangna kaleresan kasampurnaan katut hidayah tinu maha kawasa datang na,  kuring bade atosan kusabab acan mandi.

Waalaikumsalam Wr. Wb.

Rekomendasi Untuk Kamu × +

Langganan segera, jangan sampai tertinggal postingan dari Jejakumurku. Yang berlangganan semoga murah rejeki aamiin.

Rekomendasi Untuk Kamu × +

2 Responses to "Tujuhwelas Bulan Syawal.."

  1. Alhamdulillah, tenang ayeunamah hate teh, nuhun tos kahartos :')
    Sok gera ibak bespren, tong hilap d parfum deui =))

    ReplyDelete

Kemon komen dong biar makin rame. Biar berasa ada yang baca sih wkwk

nb : yang mau komentar harus punya akun gmail.